Topi



Naha sakabeh jelema nu ditopi ngarasa kaiuhan ku topina? Atawa sabenerna teu sakabeh jelema nu ditopi ngarasa iuh ku topina? Ieu hiji hal nu sabenerna teu kudu dipikiran, tapi keun bae da nu ngaranna mikir mah teu kudu nu jelas-jelas, sakapeung mah hiji hal abstrak bisa dibentuk jadi leuwih mangrupa.

Topi teh lain ukur hiji atawa dua merek, tapi teu kaitung, aya ratusan jenis topi nu aya di dunya, naha nu bentukna topi koboy jiga nu sok dipake ku aktor-aktor pilem barat atawa topi piknik nu biasana aya gagambaran kembang, remen pisan bijil dina televisi dipake ku artis-artis nu moe karep di handapeun panonpoe.

Jenis topi teh cenah nyirikeun jelema nu makena, nu leuwih bener jigana nyirikeun eusi dompet nu makena kusabab topi di jaman ayeuna geus alih fungsi, salin jinis tina nu biasa dipake sapopoe jadi barang nu bisa jadi nyirikeun kabeungharan hiji jelema.

Tah, ti dieu urang bisa mimiti ngulang pertanyaan nu ditulis mimiti : “Naha enya sakabeh jelema nu ditopi ngarasa kaiuhan ku topina?” kusabab topi geus jadi gaya hirup nu bisa nyirikeun kabeungharan jeung tingkat gaul hiji jelema.

Jelema nu make topina keur tujuan gengsi jeung ngaluhurkeun rasa adigung tangtu moal ngarasa kaiuhan ku topina, atawa leuwih cocok lamun disebut : teu mikiran naha topina bisa nyieun manehna ngarasa iuh atawa henteu, da nu penting keur manehna nyaeta saukur hayang agul.

Sedengkeun jelema nu make topi keur tujuan nu sa-simpel-simpelna, alias keur tujuan nu paling standar keur sakabeh jelema jeung tukang topi, nyaeta keur ngiuhan manehna tina panas panon poe, tangtu bakal ngarasa kaiuhan ku topi nu dipakena.

Lamun hiji jelema make topina bener, tangtu bakal ngarasa kaiuhan, iwal ti manehna make topi tibalik. Tapi nu jadi masalah nyaeta urusan rasa, kusabab teu sakabeh jelema bakal ngarasa kaiuhan. Jelema nu make topi keur tujuan agul bakal meunang rasa agul, sedengkeun jelema nu make topi sangkan iuh, manehna bakalan meunang rasa iuh.

Tah eta teori teh lain ukur kuring nu satuju, tapi ahli filsafat nepi ka ajengan nu sok ceramah ti juru masjid ka juru mushola oge ngaenyakeun. Tapi lain urusan bener-salah jeung urusan agama nu bakal dibahas ayeuna.

Topi lamun dipakena di tempat jeung waktu nu salah, keukeuh da moal bener. Beda jeung pikiran, jelema nu keur ngarit bari ngalamun nepi ka aki-aki nu keur ngopi di pacilingan bisa nyawang nepi ka mikiran teori ubermensch-na Nietzsche. Sedengkeun topi, teu sagawayah bisa dipake dimana-mana. Sahenteuna nepi ka ayeuna can manggih jelema nu make topi ka WC atawa budak SMA nu make topi SD.

Kusabab situasional tea, hiji jelema bisa boga topi nepi ka puluhan. Nu ieu mah da rada butut keun keur ngarit, nu ieu mah rada alus dipakena keur ulin ka nu jauh, jeung nu hiji mah topi sakola, keun isukan poe senen ka sakola make nu eta mah. Tah kitu.

Budak nu ditopi SMA bakal leuwih dipercaya mawakeun pidato dibanding budak nu ditopi SMP atawa SD. Sanajan salah ceuk paribasa Inggris “Don’t judge a book by its cover” oge, tapi kanyataanna pan jelema mah teu boga waktu lila jang nilik-nilik eusi pikiran jeung kapribadian batur, angger bae nu ditempo tiheula mah rurupaanana.

Tapi ieu oge jadi krisis, disalahgunakeun ku maranehna nu boga loba topi keur nyamar jadi jelema sejen. Manehna nu boga topi kaagamaan bisa ngacungkeun parang tapi teu disebut salah ku jelema rea, kusabab na pikiran jelema “Ieu jelema hiji papakeanna alus, pasti dina ngajak perang oge dina urusan nu bener.”

Manehna nu boga topi politik bisa bae ujug-ujug nangkring dina korsi empuk gedong pejabat. Nu penting pan topina, lamun ngaranna geus katambahan ku minima tilu rupa gelar, geus pasti digampangkeun sagala urusan. Eta mah rek neangan pagawean atawa rek jadi ajengan, jelema bakal serab ku gelar. Pan sok aya dina iklan oge “Minimal S1” atawa S2 S3 jsb.

Kumaha lamun urang ngamimitian nempo jelema teu tina topina? Keun bae tukang ngaduk tapi tujuanna bener ngaduk dibanding tukang pidato kaditu kadieu, aksi ieu demo itu kagiatan eta, tapi tujuanna keur ngaruksak jeung ngancurkeun batur.

Tah kitu, jadi sanajan hiji budak make topi SMA lain artina manehna apal jeung bisa mikir jiga budak SMA, sakapeung mah nu make topi SMA bisa mikir jiga ajengan, jiga budak SD, budak TK, atawa jiga pejabat. Hiji jelema make topi piknik oge bisa boga loba tujuan : naha manehna make topi jang ngepaskeun tampilanna, naha keur tujuan pamer, naha pedah teu purun kapanasan, atawa ngan ukur pamantes kusabab teu boga buuk salambar-lambar acan.

Jelema botak make topi, kadang jelema nu teu wawuh mah teu apal yen eta jelema teh botak. Kecuali ku urang ditarik dileupaskeun topina lamun hayang apal eusina kosong atawa aya buukan.

Urang teu bisa nyangka hiji jelema tukang pidato beneran boga uteuk atawa ngan ukur boga letah teu lengkap jeung uteukna, bisa wae ngan nurutkeun kumaha ceuk teks nu dicekel. Urang teu bisa kitu-kitu bae ngagorowok bela nagara batur tolak nagara batur lamun urang teu apal pancasila-pancasila acan, komo wacana ngaganti ideologi mah, bahaya.

Loba jelema nu ngan ukur bisa ngagorowok “Ganti Pancasila ku ideologi ieu kusabab ceuk karuhun kudu kieu”, padahal manehna teu ngarti jeung teu bisa tanggung jawab kana sagala rupa pertanyaan lamun seug aya ngalayang kana kotak suratna.

Logis, ceuk barudak IPA mah disebutna teh. Sagala rupa kudu dibarengan ku observasi jeung ditaliti sadetil-detilna, salah koma hiji oge akibatna bisa fatal. Hiji hal nu teu dipikirkeun heula akibatna bisa ngaruksak leuwih ti bom atom nu diragragkeun di Hiroshima atawa peperangan di Kurusetra.

Bom bisa diragragkeun di hiji kota, nu gugur bisa saratus urang. Nu gugur dikubur, nu ngaragragkeun digantung, rapih. Sedengkeun lamun urusanna jeung pikiran, nyaeta hiji hal nu paling kompleks dina kahirupan jelema, tangtu moal bisa kitu-kitu bae diala jiga nyapukeun runtah di buruan.

“Indoctrinated mind so very often contain sick thoughts..” eta potongan lirik lagu Cry For The Moon nu dibawakeun grup band ti walanda, Epica. Nu kurang leuwih ngajelaskeun yen jelema nu geus kadoktrin ku hiji hal bakal hese dibalikeun deui kana kawarasan.

Tapi kunaon geus diwanti-wanti ku pamarentah “awas bahaya radikalisme”, ku grup band Epica tea geus dibejaan, kitu deui ku ajengan “Ulang tuturut munding kana hal-hal nu teu nyaho kamana juntrungna!” tapi jelema masih keneh loba nu karacunan?

Kusabab tadi tea, disebarkeunna lain liwat cendol kusabab tukang cendol babari ditewakna, teu liwat sastrawan kusabab sastrawan mah babari digali makna tulisanna, tapi liwat topi jelema-jelema penting. Bisa liwat pejabat nu nyaliwang, bisa liwat ajengan kajajaden nu teu bisa maca-maca acan, bisa oge liwat internet tea.

Doktrin nu dibumbuan ku kapercayaan teu obahna jiga daging babi nu disamaraan sambel kecap : leuwih ngeunah ti daging sapi! Tah eta, geus apal babi teh keur mayoritas jelema teh ulah didahar, angger we didahar da kabita ku seungit jeung enakna. Kitu oge jeung doktrin nu dibumbuan kapercayaan, saha jelema nu teu hudang tina pangdiukan ngambeu bau sawarga?

Dina hindu, konsep sawarga loka teh eusina katenangan jeung kaabadian, komo lamun disebutan Sawarga loka, Maha Loka jeung Jana Loka mah, moal teu hayang unggal jelema asup ka sawarga. Dina kapercayaan Islam, disebut Jannah nu eusina pinuh ku kani’matan nu rupa-rupa, sagala aya ti mimiti kadaharan bumi nepi ka kadaharan sawarga.

Tapi sa-sangsara kumaha jelema di dunya nu mani ngorbankeun awak jeung pamikiran keur ngahontal sawarga? Naha anjeun teu bagja di dunya?

Kopi tiis, sedengkeun lagu muter Interdimmensional Summit nu dibawakeun ku Dimmu Borgir

If you can not see
You can not truly know

Ah meureun enya, kuring mah ukur bisa nyawang ti kajauhan, ngabaca dunya tina kekedek kopi, ngadu’a dina unggal regot cai kopi, jeung ngahariring ngabarengan kawihna hiliwir angin.

Tulisan ieu jiga tulisan-tulisan sejen nu dimuat di ieu blog, ngan saukur tulisan nu teu boga tujuan. Tulisan nu dipake pikeun ngalatih diri, ngalobaan kosakata jeung manaskeun pikiran.

Dina intina, jelema bisa kaiuhan tapi teu ngaraskeun iuh lamun tujuanna agul, tapi jelema bisa ngaraskeun iuh lamun tujuanna bener-bener make topi keur nutupan embun-embunanna tina panas panonpoe.

- Ciamis
Malem kemis, 18-7-18

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Analisis dan Pembahasan Puisi Sajak Matahari karya W.S Rendra

Macam-Macam, Jenis dan Contoh Cara Penggambaran Tokoh dalam Cerita

Jagat Alit - Godi Suwarna